MAKALAH
KAWIH JEUNG KAKAWIHAN
Diajengkeun
pikeun nyumponan tugas kelompok mata kuliah Menyimak Intensif

Ditulis Ku:
1.
Atik
Cahyatiningsih
2.
Hadi Prasetyo
3.
Nopitasari
PROGRAM PENDIDIKAN BAHASA SUNDA
STKIP MUHAMMADIYAH KUNINGAN
2010/2011
PANGJAJAP
Puji sinareng
sukur ku kuring saparakancaka sumanggakeun mung ka Gusti Nu Maha Suci sabab
mungguhing Ridho ti Anjeunna sim kuring saparakanca tiasa ngarengsekeun
salasahiji pancen mata kuliah Menyimak Intensif ti kersana dosen Nanin
Nurnaningsih, S.Pd nyaeta pedaran ngeunaan Kawih jeung Kakawihan.
Kiwari barudak urang Sunda, pangpangna nu aya di kota mah
sigana geus langka arulin bari kakawihan teh. Supaya ulah laleungiteun jeung
supaya barudak waranoh, di dieu rek diberendelkeun ngeunaan Kawih jeung
Kakawihan.
Anapon kitu, pasti ari kakurangan mah aya bae, sim kuring
saparakanca neda sih hapunten. Pamugi pedaran ieu aya mangpaatna hususna pikeun
sim kuring saparakanca, oge pikeun pamaca sejenna.
Kuningan,
April 2011
Tim
Panulis
DAFTAR EUSI
PANGJAJAP ............................................................................................ i
DAFTAR EUSI ........................................................................................ ii
KAWIH JEUNG KAKAWIHAN ........................................................... 1
1.
KAWIH ........................................................................................ 1
a. Wangenan ............................................................................... 1
b. Conto Kawih ........................................................................... 2
2.
KAKAWIHAN ............................................................................ 5
a. Wangenan ............................................................................... 5
b. Kamekaran .............................................................................. 5
c. Ciri-ciri Kakawihan
................................................................. 5
d. Klasifikasi Kakawihan ............................................................ 6
e. Papasingan Kakawihan ........................................................... 7
DAFTAR
PABUKON ............................................................................. 19
KAWIH JEUNG KAKAWIHAN
1.
KAWIH
a.
Wangenan
Nalika
ngareungeu pangajaran ngeunaan kawih, tangtu ahirna kudu apal jeung bisa
ngabedakeun antara kawih jeung kasenian sejenna. Saperti kakawihan, pupuh,
jeung pupujian.
Dina
Kamus Umum Basa Sunda (KUBS, 1995) wangenan kawih nyaeta rakitan basa sabangsa dangding
nu teu make patokan pupuh. Kawih teh lalaguan Sunda bebas, anu henteu kauger
atawa kaiket ku aturan, boh laguna, boh rumpakana. Lalaguan pop Sunda karangan
Nano S, Doel Sumbang, atawa nu sok dihaleuangkeun ku seniman calung Hendarso,
eta teh lagu kawih.
Kawih
jeung kakawihan ngabogaan sasaruaan nyaeta sarua rakitan sabangsa dangding anu
henteu ngagunakeun patokan pupuh, sedengkeun bedana nyaeta tina fungsina, mun
kawih mah saukur didangdingkeun atawa dilagukeun sedengkeun kakawihan mah
ngabogaan fungsi tambahan nyaeta dipake dina kaulinan barudak.
RMA.
Koesoemadinata (dina Soepandi, 1985 : 14) mere katerangan ngeunaan kawih nyaeta
sekar (tembang=kawih), ieu aya dua rupa :
1.
Sekar irama
merdeka, nyaeta tembang nu panjang pondokna sora jeung wirahmana sakarep-karep
numutkeun raosna priyangga, numutkeun kangeunahan nu tembang kayaning : tembang
buhun rancag, tembang buhun raehan, beluk,
kakawen, suluk, tembang Cianjuran, tembang Ciawian, kakawihan dongeng.
2.
Sekar tandak,
nyaeta tembang anu ajeg wiletanana, tegesna lolongkrang-lolongkrang antara
wirahma-wirahma sarua sakabehna.
Kadieukeunna kawih jeung tembang dibedakeun. Ari kawih
mah dihartikeun sekar tandak, sedengkeun tembang nyaeta sekar irama merdika
atawa lagu swara.
b.
Conto Kawih
BUBUY BULAN
(Cipt. Beni Corda)
Bubuy bulan, bubuy
bulan sangray bentang
Panon poe, panon poe
disasate
Unggal bulan, unggal
bulan abdi teang
Unggal poe, unggal poe
oge hade
Reff.
Situ Ciburuy laukna
hese dipancing
Nyeredet hate ningali
ngeplak caina
Tuh itu saha nu
ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali
sorot socana
TANAH SUNDA
Tanah Sunda, gemah
ripah
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda sawawa sing
toweksa
Percaka nyangga darma
anu nyata
Seuweu Pajajaran muga
tong kasmaran
Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya memang
sawajibna
Geten titen rumawat
tanah pusaka
POTRET MANEHNA
( Cipt. Nano S )
Potret manehna
Nu katampa minggu
kamari
Di piguraan
Di simpen dihade-hade
Anteng diteuteup
Jadi batur dina simpe
Aduh endahna
Mapaesan taman hate
Potret manehna, potret
manehna
Ditilik, disidik-sidik
Diteuteup, di
bolak-balik
Ku manis bae
Potret manehna, potret
manehna
Socana, imitna,
teuteupna, sagalana
Ngan keur kuring bae
Potret manehna
Wawakil jirim jinisna
Tanda satia
Ngarah kangen salilana
Matri hiji dina ati
Gambar diri jadi bukti
Najan anggang rang
patepung
Potret nu digugulung
Potret manehna
MOJANG PRIANGAN
( Cipt. Iyar Wiarsih )
Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang Priangan
Umat-imut lucu
Sura-seuri Nyai
Larak-lirik kepat
Mojang Priangan
Reff. Diraksukan kabaya
Nambihan
cahayana
Dangdosan
sederhana
Mojang Priangan
Mojang anu donto
Matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka
Mojang Priangan
Gareulis maranis
Disinjang lalenjang
Estu suluk mun leumpang
Mojang Priangan
Ti gigirna lenggik
Ti hareupna ge sieup
Ti tukangna lenjang
Mojang Priangan
2.
KAKAWIHAN
a.
Wangenan
Kakawihan asal kecapna tina kawih, nu hartina
rakitan basa sabangsa dangding nu
teu make patokan pupuh. Ngawih nyaeta ngalagukeun kawih atawa sisindiran. Ieu kabangkitan teh ka asup sastra buhun,
gelarna dina sastra Sunda mangrupa
sastra sampakan. Tapi nu boga kakawihan teh lain ngan ukur urang Sunda wae, unggal seler bangsa
oge miboga kakawihan sewang- sewangan.
Kawih kaasup sastra lisan, simebarna tatalepa sacara turun- tumurun di lingkungan masarakat. Ku kituna
kakawihan sering disebut sastra balarea.
Kakawihan lain ngan saukur dipake bari ulin, tapi oge sok dipake bari digawe.
Kiwari kakawihan dihartikeun lagu-lagu nu sok
dinyanyikeun ku barudak bari ulin, nepi ka sakapeung sok disebut kakawihan
barudak atawa kaulinan barudak. Wibisana spk (2000:387) nyebutkeun lagu
rahayat, hartina lagu jeung lirikna geus baku, sifatna anonim, jeung nyebar ti
jaman baheula.
b.
Kamekaran
Kakawihan (teks,
fungsi, jeung basa) robah luyu jeung kahirupan masarakat. Nurutkeun
kalungguhanna, kakawihan bisa dipasing-pasing jadi dua golongan nyaeta
kakawihan pikeun kaulinan jeung kakawihan pikeun gawe.
c.
Ciri-ciri Kakawihan
Kakawihan
mangrupa tina folklore, ku kituna tina ciri-ciri folklore dipimilik oge ku
kakawihan, diantarana :
1.
Sumebar jeung
diwariskeun sacara lisan.
2.
Sifatna
tradisional, nyebarna angger diantara kelompok anu tangtu.
3.
Aya varian jeung
versi, kajadian poho jeung interpolasi sok nimbulkeun bedana teks. Ku kituna
sakapeung teksna sok beda wirahmana sarua, atawa wirahmana sarua teksna nu
beda.
4.
Umumna anonym.
5.
Miboga rumus
jeung pola.
6.
Polos jeung
lugu, sakapeung jiga kasar jeung spontan (Danajaya, 1984).
d.
Klasifikasi Kakawihan
Kakawihan
bisa diklasifikasikeun dumasar fungsina, basana, waktu ngawihkeunna, oge
uesina.
Dumasar fungsina, kakawihan pikeun kaulinan, pikeun
sumanget digawe, pikeun mepende, oge pikeun protes sosial.
1.
Kakawihan pikeun
kaulinan.
Kakawihan nu dipake dina
ngamimitian kaulinan diantarana : Cing ciripit, Dal del dol, jeung Hompimpah.
Kakawihan sapanjang kaulinan : Aanyaman, Ambil-ambilan, Ayang-ayang Gung,
Babagongan, Cingcangkeling, Eundeuk-eundeukan, jeung sajabana.
2.
Kakawihan pikeun
numuwuhkeun sumanget digawe diantarana : Mars Siliwangi, Ngawuluku, jeung
Ngagebahan Manuk.
3.
Kakawihan pikeun
mepende, diantarana : Nelengnengkung, Pat Lapat, jeung sajabana.
4.
Kkawihan pikeun
protes sosial, mangrupa gambaran protes kana hiji kaayaan dina mangsa eta
kakawihan dijieun, misalna : Ayang-ayang Gung, Bolu Bugem, Dengkleung Dengdek,
Prangpring, Tong tolang Nangka, Hatiku jang Wawan, jeung Eundeuk-eundeukan
Lagoni.
Dumasar basana, aya nu eusina sagemblengna ngagunakeun basa
Sunda jeung aya anu campur jeung basa sejen. Misalna : Punten Mangga, Pupujian,
Sri Jendil Adil, Slep Dur, jeung Ula Ulo Kembang.
Dumasar waktu, aya nu tadina sok dikawihkeun beurang
atawa peuting, oge aya anu beurang jeung peuting. Contona : Kalonhking jeung
Bulan Tok.
Dumasar wangun, teksna aya anu dialog jeung aya anu
monolog.
1.
Kakawihan wangun
dialog, diantarana : Ambil-ambilan, Baju Beureum, Bolu Bugem, Cir Kupek, Gobang
Kalima Gobang, Tong Tolang Nangka, Eundeuk-eundeukan Lagoni, jeung Wek-wek Dor.
2.
Kakawihan wangun
monolog, diantarana : Aanyaman, Ayang-ayang Gung, Babagongan, Cingcangkeling,
Cing Ciripit, Gobang Gocir, jeung sajabana.
Dumasar eusi, kakawihan loba nu ngagambarkeun kaayaan
masarakat Sunda dina jamanna, mangsa kakawihan diciptakeun (Wibisana spk (2000:
387-396). Contona : Jung Jae, Ayang-ayang Gung, jeung sajabana.
e.
Papasingan Kakawihan
Nilik kana wangunna,kakawihan barudak teh bisa
dipasing-pasing jadi sababaraha golongan, diantarana:
1.
Wangun Paparikan
Kakawihan wangun paparikan nyaeta anu ngawangunna saperti
paparikan; aya cangkang aya eusi. Bedana, unggal padalisanhenteu matok dalapan
engang, anu penting asal sasora. Kitu deui jumlah padalisanana dina sapadana.
Katembong dina sawatara kakawihan di handap.
HOMPIMPAH
Hompimpah alaikum gambreng,
Ma Ijah make baju rombeng.
PEREPET JENGKOL
Perepet jengkol jajahean,
Kadempet…jejeritan.
TOKECANG
Tokecang tokecang,
Balagendir tosblong.
Angeun kacang angeun kacang,
Sapendil kosong.
TAT TIT TUT
Tat tit tut daun kaliki,
saha nu hitut budak lalaki.
Tat tit tut daun kanyere,
saha nu hitut budak awewe.
CINGKOROKOK
Cingkorokok bedegol cau,
Ucingna nokok boolna bau.
TAMPOLONG BAHE
Tampolong bahe,
belut ditalian.
Tong ngomong bae,
gelut sakalian.
2.
Kakawihan Laraswekas
Kakawihan laraswekas nyaeta kakawihannu murwakanti
engang tungtung, boh dina kecap-kecap dina saungkara boh dina kecap-kecap
antarpadalisan. Contona:
OLE-OLE OGONG
Ole-ole ogong
melak cabe di Tarogong
dihakan ku embe ompong
diteang kari sapotong
KALONGKING
Kalongking kalongking
bapa sia Utah ngising
dibura ku madu kucing
madu kucing meunang maling
Kalongking kalongking
bapa sia Utah ngising
beak samak beak samping
teu cageur waktu sapeuting
HATIKU JANG WAWAN
Hatiku Jang Wawan
tumpak mobil sedan
sedanna ucutan
di kolong jembatan
omean
teu boga duit
ngajual domba
dombana leungit
ngajual mitoha
TRANG-TRANG KOLENTRANG
Trang-trang kolentrang
si londok paeh nundutan
mesat gobang kabuyutan
tikusruk kana durukan
nyeh prot, nyeh prot
EUNDEUK-EUNDEUKAN
Eundeuk-eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki
UCANG-UCANG ANGGE
Ucang-ucang angge
Mulung muncang di papangge
Digogog ku anjing gede
Anjing gede nu Mang Lebe
Ari gog, gog cingungung
3.
Kakawihan Margaluyu
Kakawihan margaluyu nyaeta kakawihan anu kecap atawa
engang dina tungtung padalisan, dibalikan deui dina awal padalisan, dibalikan
deui dina awal padalisan sapandeurieunana. Contona:
AYANG-AYANG GUNG
Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
Menak Ki Mas Tanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung Kumpeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos Kanjeng Dalem
Lempa-lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong
BANG KALIMA-LIMA GOBANG
Bang kalmia-lima gobang, bang
Bangkong di tengah sawah, wah
Wahay tukang bajigur, gur
Guru sakola desa, sa
Saban poe ngajar, jar
Jarum paranti ngaput, put
Putrid nu gareulis, lis
Lisung kadua halu, lu
Luhur kapal udara, ra
Ragrag di Jakarta, ta
Taun opat hiji, ji
Haji rek ka Mekah, kah
Kahar tujuh rebu, bu
Buah meunang ngala, la
Lauk meunang nyobek, bek
Beker meunang muter, ter
Terus ka Citapen, pen
Pena gagang kalam, lam
Lampu reujeung dammar, mar
Mari kueh hoho, ho
Hotel pamandangan, ngan
Ngantos Kanjeng Dalem, lem
Lempa-lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
BEAS BEUREUM
Beas beureum, reum
Reumbeuy kacang, cang
Cang kadele, le
Letah sapi, pi
Pindang lubang, bang
Bangkong hejo, jo
Joli jopak joli ong
4.
Kakawihan Mondoan Kawit
Kakawihan mondoan kawit nyaeta kakawihan anu malikan
(mindo) kecap anu sarua dina awal padalisan. Contona:
PUNTEN MANGGA
Punten…, mangga
Ari ga, Gatotgaca
Ari ca, cau ambon
Ari bon, bonteng asak
Ari sak, sakit perut
Ari rut, rujak asem
Ari sem, sempal-sempil
Ari pil, pilem rame
Ari me, maja makan
Ari kan, kantong kosong
Ari song, songsong lampu
Ari pu, puak-paok
Ari wok, wok candewok
TIK-TIK TOLEKTAK
Tik-tik tolektak
Ari tak, taktak bareuh
Ari reuh, reuhak cina
Ari na, Nya Genggong
Ari gong, gongseng panas
Ari nas, nasi baso
Ari so, sorangan bae yeuh…
Conto Kakawihan Sejenna
CINGCANGKELING
Cingcangkeling
Manuk
cingkleng cineten
Plos
ka kolong
Bapa
Satar buleneng
Cingcangkeling the nyaeta kawih paranti milang samemeh
barudak ulin ucing-ucingan. Samemeh prung sok dikawihan heula ku saurang.
PRANG PRING
Prang
pring, prang pring
Salumprang
salampring
Sabulu-bulu
gading
Si
gading ka Sunda perang
Pur
kuntul engkang-engkang
Munding
ngabongkar kandang
Saluwek
sadugel cindel
Heug,
heug caringin runtuh
Heug,
heug caringin runtuh
Dorokdok
gubrag
Prang pring nyaeta kawih kaulinan dipakena ku barudak
bari dariuk ngajajar, atawa ngariung bari nyanghunyar. Bari ngawih bincurang
ditepakeun. Dina madakeun budak nu ka tepak panungtung kudu mintelkeun sukuna
jadi emok.
RORO MANYORO
Roro
manyoro
Manyoro
manjangan ngidul
Anak
sia jadi ratu
Diketukan
dikenongan
Turunan
apung
Karunya
ka anak sia
CACA BURANGE
Caca
burange, burange
Tali
gobang
Gobang
pancarange
Anak
gajah berbayung
Jing
gojing lewe-lewe
Jing
gojing lewe-lewe
JUNG JAE
Jung
jae balakatanjung jae
Pucuk
menyan mangsoyi
Godong
malati, riri
Riri
nyandung ka putra
Dalem
Tumenggung Bandung
Bandung
tipung palongpong
Saunda-unda
poho
Poho
tadi lalajo
Teu
mawa simbut, butut
ORAY-ORAYAN
Oray-orayan
Luar-leor
mapay sawah
Entong
ka sawah parena keur sedeng beukah
Oray-orayan
Luar-leor
mapay leuwi
Entong
ka leuwi
Di
leuwi loba nu mandi
Oray-orayan
Oray
naon
Oray
bungka
Bungka
naon
Bungka
laut
Laut
naon
Laut
dipa
Dipa
naon
Di
pandeuri, ri…ri…ri…
Barudak nu rek ulin oray-orayan samemehna silih cekel
taktak heula. Nu tukang nyekel taktak nu hareupeunana, jeung saterusna. Geus
kitu tuluy maju ka kenca ka katuhu, nepi ka katempona ngaleor siga oray.
CING CIRIPIT
Cing
ciripit
tulang
bajing kacapit
kacapit
ku bulu pare
bulu
pare seuseukeutna
jol
Pa Dalang
mawa
wayang, jrek-jrek nong….
Cing ciripit teh nyaeta kawih paranti milang samemeh
ucing-ucingan.
AMBIL-AMBILAN
+ : Ambil-ambilan
Turuktuk hayam samantu
_ : Euweuh
nu diambil
Di dieu kokoro kabeh
+ : Pun
anu-anu (ngaran nu dimaksud) bae
Purah nutu purah ngejo
Purah ngasakan baligo
Purah tunggu bale gede
_ : Nyerieun
sukuna
Kacugak ku kaliage
+ : Aya
ubarna
Urat munding sampurage
Tiguling nyocolan dage
Laguna dikawihkeun ku dua rombongan, ngajajar pahareup-hareup.
Ngawihna siligenti patembalan. Budak nu kapilih ku rombongan nu kabagian milih,
disebut ngaranna, tuluy ppindah ka rombonganana. Pindahna bari engke-engkean,
sarta disurakan: “maling endog” ku rombongan nu ditinggalkeun.
PAT LAPAT
Pat
lapat, pat lapat
Pat
lapat katingalna
Masih
keneh tebih pisan
Layarna
bodas nyengcelak
Kasurung
kaombak-ombak
EULEUNG EUY EULEUNG
Euleung
euy euleung
Barudak
urang ka jami
Embung
euy embung
Sieun
badak nu kamari
Euweuh
euy euweuh
Geus
dibedil ku si Sedet
Detong,
det detong
Si
Sedet kari sapotong
JALEULEU JA
Jaleuleu
ja
Tulak
tuja eman gong
Seurueh
leuweung bay
Jambe
kolot bug
Ucing
katinggang songsong
Ngek!
TUTUNJUKAN
Tutunjukan
tetenjekan, Si Teteh anteur ka cai,
Ah,
embung, sieun bugang dina muncang
Kokoplak
saying kadanca,
Si
paok katinggang picung, cungcurung ka Cipicung
Del
odel papatong dosol
Tinyohnyor.
Dikawihkeun bari nunjukan curuk nu diriungkeun. Biasana
dilakukeun bari diuk ngariung.
SASALIMPETAN
Sasalimpetan
Jajahan
aing nu panjang hey! hey!
Sasa
nu panjang
Kawih dipakena bari ulin pacekel-cekel leungeun, tapi
lobaan, ngajajar ka gigir. Nu tungtung kenca muntang kana tihang atawa tangkal.
Bari ngarawih nu tungtung katuhu leumpang ka Beulah kenca dituturkeun ku nu
sejenna, nepi ka ahirna kabeh budak leungeunna marilit.
TONG TONG PAPATONG
Tong
tong papatong
Dibere
cau sapotong
Ari
beak menta deui
Teup,
teup, teup
Ari
eunteup jang si Ujang.
Dikawihkeun ku barudak lamun rek ngala papatong.
DAFTAR PABUKON
Drs. Budi Rahayu
Tamsyah, Spk, PANGAJARAN SASTRA SUNDA
Pikeun SD, SLTP, SMU, jueung Umum, Pustaka Setia.
Rachmat Taufiq Hidayat,
Drs. Dingding Haerudin,M.Pd, Drs. Teddt A.N. Muhtadin, Darpan, S.Pd, Ali
Sastramidjaja, PEPERINIAN URANG SUNDA,
Kiblat.
izin copy untuk tugas,terimakasih:)
ReplyDelete