Salah sahiji tradisi anu dipiara tepi ka
ayeuna nyaéta dina cara ngawinkeun. Upama urang Sunda aya nu rék
ngawinkeun anakna, tara padu gapruk kitu baé. Aya prak-prakanana luyu
jeung kailaharan. Jauh saméméh der upacara kawinan, sok aya acara
ngalamar heula, ti dinya tuluy seserahan,
sarta dipungkas ku akad nikah.
Ngalamar nyaéta nanyaan awéwé daék-henteuna dikawin ku
lalaki nu mikarepna. Ilaharna pihak lalaki anu ngalamar téh tara
sorangan, tapi dibarengan ku kolot lalaki jeung kulawargana. Kitu deui pihak
awéwé anu ditanyaan, rempeg jeung kulawargana. Dina acara
ngalamar, sanggeus paheut jinisna (awéwéna)
daékeun, sok dituluykeun ku nangtukeun waktuna acara pernikahan, poé naon,
tanggal sabaraha, jsb.
Dina waktu anu geus paheut ditangtukeun téa, pihak
kulawarga calon pangantén lalaki datang ka kulawarga calon pangantén awéwé.
Datangna bari barangbawa, mawa barang keur maskawin jeung pakéan kayaning baju,
samping, jsb. Keur calon pangantén awéwé.
Calon pangantén lalaki tuluy disérénkeun ku kolotna atawa
ku nu ngawakilanana ka pihak kulawarga calon pangantén awéwé sina ditikahkeun.
Éta sababna ieu acara téh disebutna seserahan, nyaéta nyerahkeun
atawa nyérénkeun calon pangantén lalaki téa.
Réngsé seserahan, kakara calon pangantén téh ditikahkeun
ku kolotna calon pangantén awéwé di hareupeun naib jeung para saksi. Ieu acara
disebutna akad nikah.
Réngsé akad nikah sok dituluykeun ku sungkem.
Pangantén duanana sungkem ka ibu ramana, minangka tanda hormat ka indung bapa.
Geus kitu pangantén sok didiukkeun di panyawéran (di buruan), tuluy disawér
ku béas, konéng, jsb. Diawur-awurkeun ka lebah pangantén. Saméméh didiukkeun
dina korsi pangantén, sok diayakeun heula acara buka pintu. Aya
nu ngahariringkeun kidung, minangka perlambang, pangantén lalaki ménta idin rék
asup ka kamar pangantén awéwé. Réngsé buka pintu, kakara pangantén sajodo
didiukkeun dina korsi, pikeun narima pangwilujeng ti nu araya.
No comments:
Post a Comment